SELAMAT BERGABUNG DI YPI AL-HIDAYAH Jl Pangandaran No 19 Ds Ciulu Kec. Banjarsari Kab. Ciamis

Rabu, 12 Mei 2010

SILSILAH YPI

Pangjajap

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Alhamdu lillahi robbil ‘alamin
Allohumma sholli ‘ala Muhammad wa ‘ala ali Muhammad.
Amma ba’du.

Kalayan dingawitan ku nyebat Asma Alloh SWT, Dzat anu Maha Mikaasih sareng Maha Mikanyaah ka sadaya makhluk ciptaan Mantena. Salajengna puja sinareng puji ka Alloh SWT anu parantos maparing rupi-rupi kanikmatan anu kalintang seueurna, anu ukuran manus amah moal mampu ngetangna, upami digambarkeun kana cai sagara sareng lautan pikeun mangsina, tatangkalan di sadaya gunung pikeun gagang kalamna bakal seep pikeun nuliskeun sagala
kanikmatan ti Alloh SWT. Utamina nikmat iman, Islam, kesehatan, umur panjang sareng nikmat anu sanesna.2
Para wargi sadayana anu kenging rahmat ti Alloh SWT. Salajengna mugia shalawat sinareng salam didugikeun ku Alloh ka Jungjungan Nabi Muhammad Rosululloh Saw, nabi akhir zaman anu nyandak pitunjuk pikeun umatna, pikeun kasalametan di dunya rawuh akhirat. Teu hilap oge ka para kaluargana, ka para sahabatna, tabi’in, tabi’it tabi’in, para umatna anu tumut sareng taat kana ajaranana dugi ka akhir zaman, anu mudah-mudahan kalebet urang sadayana. Amin ya Robbal ‘alamin.
Kalayan taufiq, ‘inayah sareng hidayah Alloh AWT, jisim kuring nyobi-nyobi ngadamel hiji buku catatan silsilah atanapi susunan seuweu-siwi kaluarga anu aya patula patalina anu aya dimana bae ayana.
Nanjeurkeun sumanget silaturrahmi boh ku alatan nyukcruk dulur nu kapungkur mapay-mapay baraya nu ayeuna, nu aya dimana-mana, ngarupakeun kawajiban pikeun sakumna ummat muslim sangkan aya dina jalan anu meunang pitunjuk Alloh kalayan dasar silih asah silih asih silih asuh, ngaping ngajaring nyakitu deui silih sokong dina nanjeurkeun kahadean ha lieu ngarupikeun udagan ukhuwah anu kudu matri dina ati sanubari sewang-sewangan.
Buku ieu pikeun samentara mung saukur rancakan awal anu masih perlu disampurnakeun ku seueurna bahan anu kudu dikumpulkeun ti sadaya kandang wargi utamina ti para pinisepuh anu aya kanggo sumberna. Ku kituna bantosanana nu dipikaharep diantos pisan.
***

Daftar Eusi

i. Pangjajap
ii. Daftar Eusi
1. Bubuka
a. Kasang Tukang
b. Maksad, Tujuan
c. Sasaran
2. Gambaran Umum
a. Harti Silsilah
b. Gambaran Wewengkon
c. Gambaran Kadudukan Sosial
d. Para Pupuhu/Tokoh
e. Penyebaran Kandang Warga
3. Silsilah
a. Para Pupuhu Dina Silsilah
b. Daftar Susunan Kulawarga
c. Sebutan Susunan Kulawarga



BUBUKA

Dina paribasa urang Sunda sok aya cariosan “pareumeun obor” nyutat tina Kamus Umum Basa Sunda nu disusun ku Lembaga Basa & Sastra Sunda, penerbitna Tarate Bandung, pareumeun obor teh nyaeta teu nyaho saha-sahana nu jadi baraya atawa karuhun lantaran euweuh nu mere katerangan. Ari pareumeun obor anu dina undak usuk basa disebat kalimat jadian, nyaeta diwangun tina dua omongan atawa kalimat dihijikeun jadi ngandung hiji harti anu ngagambarkeun hiji kaayaan. Sedengkeun lamun dihartikeun hiji-hiji nyaeta, obor nyaeta seueneu nu dihurungkeun kana balarak jeung sajaba ti eta tuluy dibawa lumaku ti peuting. Ari seuneu sok aya cahayana, bisa nyaangan nu poek, tapi lamun pareum, teu aya seuneuna, osok cahayana leungit.
Aya deui paribasa nu sejena nyaeta “panca kaki”. Dina Kamus Basa Sunda nyebatkeun nyaeta, panca kaki : (1) perenahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa nu kaasup baraya keneh, contona: “Kumaha panca kakina Si A ka Si B? (indung, bapa, nini, aki, paman, bibi, anak, incu, buyut, alo suan, jeung sakan ti eta)”, (2) mapay perenahna kabarayaan, contona: “Cing urang panca kaki heula, perenah kumaha saenyana Ujang jeung Emang teh?”
Jadi kadua paribasa nu kasebat di luhurlamun dihubungkeun jeung harti silsilah kacida pisan raket hubunganana, jeung leuwih negeskeun guna jeung manfaat silsilah teh, nyaeta bisa nganyahokeun saha-saha nu jadi baraya sarta kumaha perenahna. Nu teu nyaho jadi nyaho, nu tadina bisa disebat deungeun-deungeun teu aya patalian jadi aya patalina sarta uninga perenahna. Kusabab eta lamun dikaitkeun kana aturan agama nyaeta ngawangun silaturahmi, kacida pisan saluyuna teu patojoiah, ti sagigireun nu sejena dina widang kahuripan lamun bisa ngokolakeun mah ti nangtu bakal seueur pisan kagunaanana, manfaatna sarta pangaruhna, boh waktu ayeuna nu keur dilakonan atanapi waktu nu bakal kasorang. Kusabab eta dihandap ieu catetan silsilah ieu nagdung maksud sareng tujuan :
(1) Maksud
Nyusun buku catetan silsilah asal-usul kulawarga, seuweu-siwi, seke-seler pikeun dijadikeun alat, sumber katerangan pikeun kapentingan naon bae anu aya kaitan widang kahirupan sarta pangwangunan.
(2) Tujuan
a. Ningkatkeun atawa ngaronjatkeun hubungan silaturahmi anu parantos aya, sareng ngawangun nu masih keneh acan aya alatan pareumeun obor komo saupamina bae para pupuhu, pinisepuh parantos heunteu aya dikieuna.
b. Ku ayana buku catetan ieu, dipikaharep bisa ngamunculkeun dorongan tina kalbu masing-masing (motivasi), pikeun ngawangun widang kahuripan anu aya kapentingananan dina lingkungan sosial, budaya sareng nu sejena.
c. Lingkungan kaluarga teh ngarupakeun hiji kakuatan, atawa mibandakuatan anu rupa-rupa (potensi) anu bisa dikokolakeun jadi hiji pangwangunan anu bisa dimanfaatkeun pikeun kahirupan seuweu-siwi anu dumasar silih asah, silih asih, silih asuh sangkan meunang ridho ti Alloh SWT.
(3) Sasaran
Catetan silsilah ieu numutkeun catetan anu sumberna katerangan Bapa Otong Satra Atmaja, anu katelah Bapa Muhamad Satori (almarhum) anu janten Amil Desa Cicapar (tahun 1930-1966), incu Bapa Jitem atanapi putra nu ka 7 (tujuh) Bpa Majadisastra anu nikah sareng Ny. Siti Warujah Putrana Bapa Singa Yudha.
Dina ieu catetan silsilah bade diuningakeun sababaraha katerangan garis katurunan anu seueur patula patalina dina hubungan kaluarga antara pihak kulawargi ti pihak Ibu sareng Rama, dicobi dipisahkeun kode silsilah sapertos (A,B,C,D) supados gampil.
(A) gambaran silsilah anu katelah Bapa Gambrang. Dupi Ibu-Ramana Bapa Gambrang teu aya katerangan saha saleresna, mung katelahna nyandak ti Jenenganputrana nu biasana putra ka hiji nyaeta Bapa Gambrang, sabaraha raina teu aya katerangan.
(B) gambaran silsilah atanapi garis katurunan anu katelah Bapa Jitem sareng Ibu Jitem. Ieu oge sami sepertos Bapak Gambrang, jenengan Ibu-Ramana teu aya, atanapi teu acan mendak katerangan.
(C) gambaran silsilah anu nyandak ti garis katurunan pihak istri Majadisastra nyaeta Ny. Siti Wariyah, salah sawios putra Bapa Singa Yudha nu janten petinggi Padaherang nu nikah ka Ny. Sademi salah sawios putra Bapa Majadirana, anu di Padaherang mah sok katelah Nini Gambreng.
(D) gambaran silsilah anu nyandak ti garis katurunan Bapa Mad Taip nu nikah ka Ny. Timah (Khotimah).

2. GAMBARAN UMUM
a. Harti Silsilah
Numutkeun buku ensiklopedi Islam, silsilah nyaeta daftar atawa susunan asal usul katurunan, disebat oge sajarah salah sahiji pamarentahan. Kagunaan silsilah penting pikeun arsip sajarah, utamana tokoh-tokoh atawa para pupuhu.
Silsilah dina kakaluargaan nyaeta daftar anu nyebatkeun hubungan geneologis, biasana dimimitian ku tokoh nu dianggap penting sarta dipikahormat.
b. Gambaran Umum Wewengkon
Tina harti silsilah nu disebut diluhur aya nu ngandung maksud atawa aya kaitan kana nunjukeun kana wewengkon atawa tempat, dimana dijero wewengkon eta tempat teh aya hubunganana sareng kagiatan sarupaning makhluk boh manusa, sasatoan atawa kaasup oge tatangkalan, tutuwuhan nepika ngabentuk lingkungan kahirupan anu aya patalina sareng nu sejenna.
Kukituna manusa anu diciptakeunna jadi makhluk anu mulya anu mibanda akal nu sampurna tibatan makhluk sejenna hirup baranahan silih tulungan ngawangun lingkungan pikeun hirup jeung hirupna mencar disababaraha tempat boh tempatna nu leutik atawa leuwih gede. Saluyu jeung sifat makhluk sosial ngawangun susunan sosialna nyaeta aya nu dijadikeun pupuhu atawa pamingpinna pikeun ngatur ngariksa anggotanana, sarta lamun ngatur lingkungannana anu leuwih luas anggotana oge leuwih loba nepi ka pimpinan ngawangun cara hiji cara atawa sistim paparentahan jeung sagala aturan-aturan sagala rupana dina hiji wewengkon.
Jadi dina silsilah ieu tangtos kudu aya kajelasan silsilah anu mana dimana mimitina jeung wewengkon mana anu bakal didamel silsilah teh, nyaeta dina hiji wewengkon anu aya patula patalina sareng ayana hiji sajarahna, boh sajarah anu ukuran leutik kadaerahan (lokal) atawa anu ukuran gede hasil tina panalungtikan sederhana.
Aya babasaan nu parantos ilahar di masyarakat nyaeta”bangsa yang besar adalah bangsa yang menghargai sejarahnya” atawa “hari ini ditentukan hari kemarin, esok lusa ditentukan hari ini” babasan ieu ngandung harti atawa makna anu jero, kudu di pikiran lewih luas.


Wewengkon Kadaleman Kawasen
Nyutat tina buku nu ditulis ku Drs. Djaenal Abidin, Judul bukuna “Mengenal Kadalemanan Kawasen” (1996), anu diterbitkeun ku Yayasan Al Hidayah yen sejarah Kadaleman Kawasen nembe muncul dina kira-kira awal abad ka 17, kalayan dalemna anu kasohor anu jenenganana Bagus Sutapura kalayan boga gelarna, Tumenggung Sutanangga. Wewengkon Kawasen waktu harita ngabentang antara daerah Pamotan dugi ka kira-kira Bojongmalang. Salajengna batas Kabupaten Kawasen nyaeta :
Wetan

Kaler


Kulon

Kidul
:

:


:

: Di sabeulah wetan Kawasen ngabatas sareng Laut Pamotan (Kalipucang).
Sababaraha pal ti Kota Ciamis arah ka kaler, batas Kabupaten Kawasen manjang, sapanjang sisi katuhu walungan Citanduy nyaeta Cibodas Linting Janggala, Beber, Caringin sareng Surupan.
Batas sabeulah kulon Kabupaten Kawasen ngabatas sareng daerah sabunderan Banjar, Janggala, sareng Bojong Lapang.
Di sabeulah kidul, Kabupaten Kawasen ngabatas sareng daerah Malahir Cinangsi sareng Cisero.
Bisa dibayangkeun sarta dibandingkeun luasna Kabupaten Kawasen harita sareng Kabupaten Ciamis ayeuna kira-kira tilu parapatna.
Sakumaha anu parantos ka uninga ku sadayana ngemutkeun sajarah Nusantara yen wewengkon Nusantara teh mimitina dijajah ku bangsa dengeun ku padagang dina abad ka 17 nu usahana kana rempah-rempah nu loba tumuwuh di Nusantara. Parusahaanna nu ngarana Verenigede Oostisidise Company (VOC), anu tadina ngadon usaha lila-lila ngadon nglindih wewengkon urang nepi ka sababaraha ratus taun lilana. Padahal di wewengkon nusantara teh parantos aya pamarentahan anu bentukna nyaeta karajaan-karajaan tapi can ngahiji. Kakawasaan VOC ngan saukur nepi ka abad ka 18 lantaran loba karajaan-karajaan nu ngabarontak ka VOC, anu pasukanana sok katelah Kompeni (Company) pasukan serdaduna VOC anu akhirna kawalahan nya kawasaan VOC teh diserahkeun ka Pamarentahan Walanda dina akhir abad ka 18 kalayan wakil pamarentahannana nyaeta nu disebut Gubenur Jendral. Gubenur Jendral anu kasohor teh diantarana Gubernur Jendral Daendels nu nyieun jalan ti wewengkon Serang Banten nepi ka wewengkon Panarukan Banyuwangi.
Saterusna dina Pamarentahan Daendels nyaeta ngayakeun aturan-aturan nu ngarobah-robah Susunan Pamarentahan anu aya dina wewengkon kakawasaannana anu tujuanna pikeun kapentinganana.
Parobahan anu kahiji dina taun 1810 wewengkon Priangan dibagi 8 (dalapan) afdeling nu dipimpin ku asisten residen padahal sateuacanna Kabupaten Kawasen nyangking genep kacutakan (kawedanaan) nyaeta : 1. Kacutakan Banjar, (2). Kacutakan Kawasen, (3). Kacutakan Kalipucang, (4). Kacutakan Cikembulan, (5). Kacutakan Parigi, (6). Kacutakan Ciwaru atawa Cijulang. Sedengkeun anu dalapan afdeling nyaeta Afdeling Cianjur, Afdeling Sukabumi, Afdeling Bandung, Afdeling Cicalengka, Afdeling Tasikmalaya, Afdeling Sumedang, Afdeling Limbangan, Afdeling Sukapura, Afdeling Sukapura Kolot.
Dina Parubahan ieu Kawasen kaasup dina Afdeling Sukapura anu nyangking 9(salapan) distrik nyaeta:
1. Distrik Pasir Panjang
2. Distrik Banjar
3. Distrik Kawasen
4. Distrik Cijulang
5. Distrik Cikembulan
6. Distrik Parigi
7. Distrik Kalipucang
8. Distrik Mandala
9. Distrik Parung
Parubahan anu kadua nayeta dina tahun 1882 Pamarentahan Walanda ngabagi Kabupaten Sukapura jadi sababaraha distrik jeung onder distrik atawa kawadanaan jeung kacamatan nyaeta jadi 8 distrik sareng 26 onder distrik. Dina parubahan ieu Kawasen masih muncul dina peta susunan Pamarentahan nyaeta dina bentuk distrik anu nyangking 3 onder distrik (kecamatan) nyaeta :
1. Onder distrik Cisaar
2. Onder distrik Sindang hayu
3. Onder distrik Padaherang
Dina parobahan anu katilu di awal abad ka 20 nyaeta tanggal 1 Desember 1901 Kalayan surat Kaputusan Pamarentah Belanda nomor 327 nu ngatur ieu serta ngabagi distrik, onder distrik. Diantara nu ngatur teh distrik Pasirpanjang, distrik Banjar, distrik Padaherang, dimana masing-masing distrik nyangking sababaraha onder distrik nyaeta :

Distrik Pasir panjang Distrik Banjar Distrik Padaherang
a. Onder distrik Manonjaya
b. Onder distrik Pamijahan
c. Onder distrik Cineam
d. Onder distrik Bengkok
e. Onder distrik 1. Onder distrik Banjar
2. Onder distrik
3. Onder distrik 1. Onder distrik Padaherang
2. Onder distrik Banjarsari
3. Onder distrik Kalipucang


Ku ayana Surat Kaputusan Pamarentah Nomor 237 tanggal 1 Desember 1901, Kadaleman Kawasen anu manggung kira-kira dua satengah abad lilana, lamun ceuk dalang wayang mah dina nuntas carita ku cariosna tutup lawang sigotaka, nu aya tinggal sareng tutunggul carita.

C. Gambaran Kadudukan Sosial Kamasyarakatan
Dina susunan Pamarentahan sapertos ayeuna kalungguhan anu dicangkingna seueur pisan rupa/jenisna, saluyu sareng tingkatanana. Mimiti anu pangluhurna nepika pangleutikna atawa panghandapna. Contona aya Residen, aya Bupati, aya Wadana/Cutak/Ngabehi, Camat, Kepala Desa, Tua Kampung, Pupuhu anu meunang kahormatan ti masyarakatna lantaran ngarupakeun tokoh-tokoh atawa pamingpin anu boga pancen pikeun ngaping ngajaring rahayatna. Dina rahayat biasa sok dikaitkeun kana pagaweanana, nyaeta patani, padagang kaasup para tokohna. Ari di jaman kemajuan seperti ayeuna kacida pisan loba rupa jeung jenis kedudukan sosial kemasyarakatan teh dina sagala widang naon bae.
Aya sababaraha hal nu kudu aya jawaban atawa katerangan sajarah Kadaleman Kawasen sabada parobahan nepika ngaran atawa pamarentahanKawasen dipupus ku pamarentahan Wadana. Nu aya ngan saukur patilasanana bae nepika henteu jadi desa-desa acan perlu aya panalungtikan naha pamarentahan Kawasen teh jadi onder distrik Banjarsari atawa onder distrik Padaherang, naha pajabat pamong prajana areureun atawa pararindah dibagi-bagi ka susunan pamarentahan anu anyar. Penangtu jeung aya kayakinan dina parobahan eta dumasar kanaalesan-alesan anu wajar nu biasa mah alesana sosial politik, ekonomi anu penting pikeun nu boga kakawasaan waktu harita zaman kolonial.
Secara aturanhukum formal, desa-desa nu aya di wilayah nusantara sabada tahun 1906 nyaeta undang-undang desa Inlands Gwest Ordonantie (IGD) khususna di wilayah Jawa-Madura, anu pelaksanaanana henteu langsung harita. Dina stadsblad (lembaran daerah) tahun 1922 nyaeta aturan

SILSILAH/KATURUNAN SUSUNAN KALUARGA

NOMOR SUSUNAN
IBU/RAMA
1 ANAK
2 INCU
3 BUYUT
4 BAO
5 UDEG-UDEG
6 GANTUNG SIWUR
7 JANGGAWARENG
8 KACANGMAWUR

0 komentar:

Posting Komentar